Beranda · Menu · Kajian Bahasa Arab Dasar · Sastra Arab Makalah-Makalah

TATAKRAMA BASA SUNDA

TATAKRAMA BASA SUNDA


Di zaman kiwari urang sunda teu di kampung teu di kota, teu di kolot teu di budak, teu saalit  anu nyarios kirang ngangge tatakrama basa sunda, duka teu terangeun atanapi duka teu dianggo tatakrama na, naha leres kitu?. Panginten deui sababna tos ka pangaruhan ku kamajuan zaman.

Urang tangtos terang ari anu disebat tatakrama basa sunda teh nyaeta etika, sopan santun dina cumarios ngangge basa nu merenah. Margi dina basa sunda mah pan aya basa nu merenah kanggo ka saluhuren, ka sasama atanapi ka sahandapeun.

Ari anu kalebet tatakrama basa sunda teh diantawisna undak usuk basa, tong sareng rengkuhna waktos sapartos conto dina kalimah ieu:
1.      Abdi dongkap ka pasantren teh di sarengan ku pun bapa.
2.      Kaleresan pun adi oge ngiring sakantenan hoyong masantren.

Dina conto kalimah di luhur aya mangrupa kalimah nu mereunah dilarapkeun kanggo ka nyalira. Margi aya kecap Pun anu ngandung harti anu abdi. Kecap pun adi sami hartosna sareng adi abdi. Kitu deui pun bapa ngandung hartos bapa abdi.

Kecap adi sareng bapa teh lebet kana tatakrama basa sunda anu basa lemesna kanggo ka nyalira anu matak teu merenah upami nyebatkeun pun rai atanapi pun rama. Kitu deui sareng istilah panca kaki sanesna sapertos, lanceuk bibi, aki, indung (biang), emang, uwa.

Upami kecap pun dilarapkeun kanggo ka nyalira. Kecap tuang mah dilarapkeun kanggo ka batur. Tangtos wae istilah panca kaki anu nuturkeunana. Ngagunakeun kecap basa lemes kanggo ka batur sapertos rai, raka, ibu, rama, eyang, jeung sajabana. Contona sapertos kieu:
1.      Naha gening ka pasantren teh henteu disarengan ku tuang rama?
2.      Kamari abdi pateupang sareng tuang rai di sanghiang.

Janteun upami urang ngagunakeun kecap pun sareng tuang, henteu kedah ditambihan deui ku kecap abdi atanapi anjeun/salira. Sapertos kieu: pun adi abdi, tuang rama anjeun. Atuh janten teu merenah atanapi rancu tea pami dina bahasa Indonesia mah.
Salianti ngagunakeun kecap pun sareng tuang kumargi hoyong lemes atanapi merenah nyariosna sok aya basa anu teu kedah dilemeskeuna kalah dilemeskeun. Sapertos contoh kieu:
1.         Kenging sampean sapi timana kang? Mani sadua-dua.
2.         Upami nuju lapar mah neda sareng mastaka peda oge raos we.

Kecap sampean sareng mastaka diluhur dilarapkeun ka sato, tetep we dilarapkeunana cokor sapi sareng hulu peda, sanajan nyariosna sareng saha bae oge, sanaos sareng bupati oge teu kedah dilemeskeun. Margi kalimahna janten teu merenah.

Nya kitu deui pami patempatan sareng paribasa sapertos gunung gede teu kedah janten gunung ageng, gede hulu, asa aing, panjang leungeun, jeung sajabana.

Tatakrama basa sunda anu sanesna nyaeta lentong sareng rengkuh. Ari nu disebat lengkong th nyaeta lagu kalimah waktos nyarios atanapi intonasi. Sedengkeun ari rengkuh mah nyaeta sikep awak urang waktos nuju nyarios, awak semu didoyangkeun, diluyukeun sareng lagu kalimahna. Sanajan kitu teu kedah dugi ka popoyongkodan maha atanapi payakah payekeh.

Lentong sareng rengkuh teh biasa dilarapkeunana ngangge bahasa anu lemes tur merenah sapertos kieu:
punten, manawi uninga dupi didieu aya anu tiasa ngalereskeun telepon henteu?”



Artikel keren lainnya:

    Belum ada tanggapan untuk "TATAKRAMA BASA SUNDA"

    Post a Comment