TATAKRAMA BASA SUNDA
Di zaman
kiwari urang sunda teu di kampung teu di kota, teu di kolot teu di budak, teu
saalit anu nyarios kirang ngangge tatakrama basa sunda, duka teu
terangeun atanapi duka teu dianggo tatakrama na, naha leres kitu?. Panginten
deui sababna tos ka pangaruhan ku kamajuan zaman.
Urang tangtos
terang ari anu disebat tatakrama basa sunda teh nyaeta etika, sopan santun dina
cumarios ngangge basa nu merenah. Margi dina basa sunda mah pan aya basa nu
merenah kanggo ka saluhuren, ka sasama atanapi ka sahandapeun.
Ari anu
kalebet tatakrama basa sunda teh diantawisna undak usuk basa, tong sareng
rengkuhna waktos sapartos conto dina kalimah ieu:
1.
Abdi dongkap ka pasantren teh di sarengan ku pun bapa.
2.
Kaleresan pun adi oge ngiring sakantenan hoyong
masantren.
Dina conto kalimah di luhur aya
mangrupa kalimah nu mereunah dilarapkeun kanggo ka nyalira. Margi aya kecap Pun
anu ngandung harti anu abdi. Kecap pun adi sami hartosna sareng adi abdi. Kitu
deui pun bapa ngandung hartos bapa abdi.
Kecap adi
sareng bapa teh lebet kana tatakrama basa sunda anu basa lemesna kanggo ka
nyalira anu matak teu merenah upami nyebatkeun pun rai atanapi pun rama. Kitu
deui sareng istilah panca kaki sanesna sapertos, lanceuk bibi, aki, indung
(biang), emang, uwa.
Upami kecap pun dilarapkeun kanggo
ka nyalira. Kecap tuang mah dilarapkeun kanggo ka batur. Tangtos wae istilah
panca kaki anu nuturkeunana. Ngagunakeun kecap basa lemes kanggo ka batur
sapertos rai, raka, ibu, rama, eyang, jeung sajabana. Contona sapertos kieu:
1.
Naha gening ka pasantren teh henteu
disarengan ku tuang rama?
2.
Kamari abdi pateupang sareng tuang
rai di sanghiang.
Janteun upami urang ngagunakeun
kecap pun sareng tuang, henteu kedah ditambihan deui ku kecap abdi atanapi
anjeun/salira. Sapertos kieu: pun adi abdi, tuang rama anjeun. Atuh janten teu
merenah atanapi rancu tea pami dina bahasa Indonesia mah.
Salianti ngagunakeun kecap pun
sareng tuang kumargi hoyong lemes atanapi merenah nyariosna sok aya basa anu
teu kedah dilemeskeuna kalah dilemeskeun. Sapertos contoh kieu:
1. Kenging
sampean sapi timana kang? Mani sadua-dua.
2. Upami
nuju lapar mah neda sareng mastaka peda oge raos we.
Kecap sampean sareng mastaka
diluhur dilarapkeun ka sato, tetep we dilarapkeunana cokor sapi sareng hulu
peda, sanajan nyariosna sareng saha bae oge, sanaos sareng bupati oge teu kedah
dilemeskeun. Margi kalimahna janten teu merenah.
Nya
kitu deui pami patempatan sareng paribasa sapertos gunung gede teu kedah janten gunung ageng, gede hulu, asa aing, panjang
leungeun, jeung sajabana.
Tatakrama basa sunda anu sanesna nyaeta lentong sareng rengkuh. Ari
nu disebat lengkong th nyaeta lagu kalimah waktos nyarios atanapi intonasi.
Sedengkeun ari rengkuh mah nyaeta sikep awak urang waktos nuju nyarios, awak
semu didoyangkeun, diluyukeun sareng lagu kalimahna. Sanajan kitu teu kedah
dugi ka popoyongkodan maha atanapi payakah payekeh.
Lentong sareng rengkuh teh biasa dilarapkeunana ngangge bahasa anu
lemes tur merenah sapertos kieu:
“punten, manawi uninga dupi didieu aya anu tiasa ngalereskeun
telepon henteu?”
Artikel keren lainnya:
Belum ada tanggapan untuk "TATAKRAMA BASA SUNDA"
Post a Comment